Saturday, October 29, 2011

Alam Jeung Pujangga

Ku Sir Philip Sydney (1554-1586)

Euweuh seni nu ditujukeun ka jalma nu teu ngabogaan pangaweruh alam sangkan jadi obyék pokona, nu mun teu jeung alam jalma moal daya, jeung nu ngan ka alam jalma gumantung jadi aktor jeung pamaen di mana alam jadi tempat hirup satuluyna. Ku kituna ahli falak nu ningal béntang jeung maké naon marenehna ningalna, nangtukeun tata-titi alam nu ngabogaan peran penting di tempat éta…  Fisikawan nimbang alam raga manusia, jeung alam wanda nu nyalametkeun sarta nu ngarugikeunna. Kitu ogé ahli metafisika, sanajan aya dina peran kadua jeung abstrak, jeung lantaran kitu dianggap supranatural, tapi angger méré kontribusi kana kalumungguhan alam.

Ngan pujangga, nu “ngéréméhkeun” nepi ka embung diatur ku aturan siga kitu, malah nyokot usaha ku cara nu lian karyana sorangan, maprah pangaruh ka alam nu lian dina ngajadikeun hiji pancén leuwih hadé salian waragad nu dibawa ku alam, atawa, nyieun rupa nu anyar nu euweuh nemrak di alam, siga pandita, atawa déwa-déwa, buta, uka-uka, widadari, jllna, sabari paantai-antai leunguen langsung jeung alam jeung teu nutup diri ku kanyataan nu sempit kalayan karuniana, malahan ngatur ilatan bebas ku kapinteran sorangan. Alam teu ningalikeun bumi ku ngan saukur susunan kaendahan nu beunghar nu tangtuna béda jeung pujangga. Teu ogé ngan ku saukur walungan nu éndah, tatangkalan nu boga réa-réh buah, kembang nu seungit teu kacida, ogé ku sagala nu matak ngajadikeun leuwih mikacinta bumi ihwal ti liana. Dunya mah hebatna kacida, tapi pujangga mah ngan méré batu mulia (emas). []   

Ditarjamahkeun tina tulisan nu boga judul “Nature and the Poet” ku Firman Nugraha; Subang, 29 Oktober 2011.


Cara Mengutip:
Syndey, Sir Philip (1595).  Alam Jeung Pujangga. Dalam Saswaloka.  Ter. Firman Nugraha.
        Diambil <sesuaikan tgl, bln, thn,> dari http://upacarausia.blogspot.com/2011/10/alam- 
        jeung-pujangga.html

No comments:

Post a Comment